Khutbah Jumat PDF Bahasa Sunda: Jaga Diri Tina Opat Kaharaman Ciri Muslim nu Taat

- Kamis, 25 Mei 2023 | 11:39 WIB
Khutbah Jumat PDF Bahasa Sunda: Jaga Diri Tina Opat Kaharaman Ciri Muslim nu Taat (Instagram.com/@masjidistiqlal.official)
Khutbah Jumat PDF Bahasa Sunda: Jaga Diri Tina Opat Kaharaman Ciri Muslim nu Taat (Instagram.com/@masjidistiqlal.official)

“Yen anu tiasa janten wasilah umatna kanjeng nabi lebet kana surge teh nyaeta laku taqwa sareng hade laku lampah atanapi akhlak anu sae.” (HR. At-Tirmizi No. 2004)

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam dipaparin ku Allah akhlak anu sae, sahingga anjeunna ditempatkeun ku nu Maha Kawasa dina posisi al-Qimmah al-‘Aliyah atanapi posisi “klasemen teratas” dina perkawis akhlak ieu, saking muliana akhlak anjeunna, Allah subhanahu wata’ala dugi ka ngalem anjeunna dina al-Quran, sakumaha dina al-Quran Allah subhanahu wata’ala ngaabadikeun, saurna,

وَإِنَّكَ لَعَلَىٰ خُلُقٍ عَظِيمٍ

“Jeung satemenna ari anjeun teh ngabogaan budi pekerti anu agung.” (QS: Al-Qalam: 4)

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Satemenna Allah subhanahu wata’ala parantos nyediakeun surga oge kamuliaan kanggo para walina anu ajeug tur istiqomah dina akhlak. Oge laku lampah anu hade kalayan ieu akhlak teh janten parentah anu didugikeun ka umatna kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam, nu mana akhlak nu sae ieu diparengan ku taufiqna nu maha kawasa di dunia. Oge pitulungna dina ngalakonan kahadean keur pibekeleun di yaumil jaza’ wal hisab.

Sabalikna, ma’asyiral muslimin, Allah subhanahu wata’ala parantos nyediakeun siksaan oge kamudaratan pikeun jalma anu nyeleweng tina parentahna, kalayan dibarengan ku laku kasombongan dina kahirupanna, ieu jalma ku Allah ditempatkeun dina tempat anu paling hina. Na’udzubillahi min dzalik.

Baca Juga: Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda Terbaru 2023: Balesan Keur Jalma Nu Milampah Dzolim

Para wargi sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Akhlak sae anu diajarkeun ku agama ieu teh nyaeta sakumaha anu diparentahkeun ku Allah dina Al-Quran oge anu sakumaha diajarkeun ku kanjeng nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam dina haditsna. Dina ieu waktos simkuring nutur sababaraha ayat Al-Quran anu difirmankeun ku Allah perkawis parentah oge pangbubungah atanapi motivasi kanggo urang sangkan ngagaduhan laku lampah anu sae. Salahsawiosna firman Allah subhanahu wata’ala dina al-Quran Surat al-Baqarah ayat 83.

Allah subhanahu wata’ala ngadauh,

وَقُوْلُوْا لِلنَّاسِ حُسْنًا وَّاَقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَاٰتُوا الزَّكٰوةَ

“Jeung ucapkeun ku aranjeun ka sakabeh manusa ucapan anu sae, jeung laksanakeun shalat oge tunaikeun zakat.” (QS. Al-Baqarah: 83)

Ayat ieu nunjukkeun ka urang sadaya bahwa Allah nu maha kawasa marentahkeun ka urang sangkan ngalakukeun ihsan ka sakabeh umat manusa secara umum, ku pidauhna وَقُوْلُوْا لِلنَّاسِ حُسْنًا, diantawis qaul hasan atanapi ucapan anu sae teh nyaeta laku amar makruf nahyul munkar, ngajarkeun ilmu, nyebarkeun salam, jeung nu sejeunna tina sagala ucapan anu sae.

Halaman:

Editor: Asep Dadan Muhanda

Tags

Artikel Terkait

Terkini